Selasa, 01 Agustus 2017

NU AMPIR LEUNGIT

Sok rajeun nitenan,tingkah paripolah murangkalih ayeuna tipoe kapoe,timinggu kaminggu,tug nepika titaun kataun,asa..rosa parobihana teh,heug dibandingkeun sareng kahirupan urang dina lima dugi ka sapuluh taun kapengker,asa hariwang mung nyoreang katukang,mangsa simkuring keur jadi nonoman,tebih...pisan perbentenana,geura urang titenan hiji-hiji,anu dipimaksad kangge bahan renungan kangge urang sadayana,supados kin janten pangemut-ngemut ka urang sadayana,ampun paralun sanes maksad mapatahan ngojay kameri.
Kapungkur:

  1. Pami urang pendak sareng bapak kalih ibu guru,sok nyolongkrong ngasongkeun dua panangan ka marantena bari di cium panangan marantena teh,upami ayeuna kumaha cobi,boro-boro mayunan nyolongkrong bari salam,malih hare-hare,malihmah aya sabagian murangkalih nu kalah nyumput pan,komo tos rada ningkatmah sakolana di jenjang nu langkung luhur,isin ku kabogoh panginten nya,tapi parandene kitu,eta paripolah murangkalih kitu teh Alhamdulilah teusadayana kitu,aya keneh murangkalih urang nu paboro-boro hoyong salam ka bapak ibu guruna,mudah-mudahan sing neras,da eta kabiasaan teh sae teukedah janten robih kusabab sakola tos luhur,malihmah beuki luhur sakola atanapi elmuna kedah langkung depe-depe handap asor,langkung hormat tilawat kasaha wae,boh ka ibu bapa guru,ka sepuh,kasasama atanapi kasahandapeun,turutan elmu pare,anu makin eusian makin tungkul atanapi saur bahasa Nasionalna mah makin berisi makin merunduk,tah kitu nu kahiji,TATAKRAMA atanapi SOPAN SANTUN tos ngirangan tina hirup kumbuh barudak kiwari.
  2. Pami urang maksad natamu atanapi dipiwarang kawarung kusepuh urang kapungkur,pan urang mah sok unjuk salam,boh assalamualaikum atanapi punten,mangga titenan perbentenana sareng murangkalih ayeuna,pami kawarung ujug-ujug :"meser.....mang bi meser...",teu punten teu unjuk salam ka nu kagungan warung teh pan.Salajengna pami nuju mapah teras ngalangkungan hiji jalmi nu nuju ngariung ditepas atanapi dimana wae,eh...da sami eta ge,tara punten-punten acan,tapi...tina kituna,teusadayana murangkalih urang sapertos kitu,aya keneh nu sok unjuk salam atanapi permisi pami kawarung atanapi natangga,aya keneh murangkalih urang nu kersa Ngagalih Punten pami ngalangkungan batur,tah...mudah-mudahan kabiasaan ieu ge teuleungit tina adat kabiasaan urang,anak incu kisunda masih kersa nyebat Punten teuisin pedah zaman tos ngaglobal teuera pedah jaman geus moderen,palaur keuna kana paribasa JATI KASILIH KUJUNTI.
  3. Pami urang nampi naon wae tibatur,conto,ning kapungkurmah pami boboran teh sok silih kintun rantang ka tatanggi,urang pan dipiwarang ku sepuh kangge nyanggakeunana,apanan sok dipapatahan memeh angkat teh ku sepuh,urang kedah nyanggem haturnuhun pami nampi pamulang geulis titatanggi teh,tah...kecap HATURNUHUN teh asa jarang kakuping ku kiwari mah,contona nu sanesna,pami urang kapungkur bade angkat sakola teras dipasihan acis kangge jajan padahalmah teuageung eta acis teh,tapi panampian urang sakitu ageungna kasepuh,ngahaturkeun nuhun bari acong-acongan,mangga bandingkeun sareng kiwari,nalika murangkalih dipasihan kangge jajan nu sakitu ageungna,boro-boro ngahaturnuhunkeun pan,malihanmah pami kirang nya ngadat nya dialungkeun deui acisna teh,tapi...ieu ge alhamdulilah,sok sanajan dipasihan acis jajana alit malahmah heunteu dipasihan pisan,aya keneh murangkalih urang nu ngucapkeun haturnuhun kasepuhna.
  4. Pami bada magrib kapungkurmah pan urang ngariung cempor dimasigit,ngadon ngaos ka akang ajengan,sumanget urang teukakalincesan kawas cempor,sanajan poek kunang obor,leueur kunang iteuk,ar ayeuna?Masigit tos ngempray,jalan ka masigitna ge malihanmah  ngabulungbung,tapi mssasigit teh jempling teuaya murangkalih ngaos,teukakuping murangkalih diajar ngejah,teras ngaos nadom,tapi ketang syukur alhamdulilah...tesadayana murangkalih kitu,aya keneh murangkalih nu teukagembang ku Filem nu keur meujeuhna rame na tivi,angkat ka masigit sok sanaos teuseueur,diajar ngaji sareng elmu pangaweruh sanesna.
Tah...eta sababaraha rupi atanapi hal nu ampir leungit tina adat sareng kabiasaan bihari,mudah-mudahan eta guaran janteun eunteung kangge urang sadayana,supados adat kabiasaan sae warisan kisunda teuleungit tina kahirupan incu-incu kisunda.
Haturnuhun!
Sampurasun!

Illustrasi gambar:Koleksi Pribadi
Pedaran diluhur,mangrupi pangeling-ngeling pikeun simkuring salaku Guru,nu gaduh kawajiban ngatik ngadidik murangkalih