Tampilkan postingan dengan label Artikel Adat kebiasaan. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Artikel Adat kebiasaan. Tampilkan semua postingan

Kamis, 28 September 2017

NGABEDAHKEUN

Sampurasun
Pikeun urang lemburmah,kecap NGABEDAHKEUN teh jigahna teuasing deui,kitu ge ketang keur urang lembur bahula,da dilembur ge ayeunamah,jarang aya nu ngabedahkeun teh,malahanmah mun sakalieun nanya kabudak ayeuna,rungah ringeuh,teuapaleun.
Ngabedahkeun teh nyaeta ngaboborkeun cai balong,nepika tinggal saeutik,nu diharep,supaya laukna teuhese dialana.
Ngabedahkeun zaman baheula biasana identik jeung lebaran,pangpangna lebaran idhul fitri da ari lebaran Rayagungmah jarang dibedahkeun balong teh.
Poe ngabedahkeuna,biasana mun isukan lebaran,tah poe ayeuna ngabedahkeun teh,bareng jeung poe kuramas.
Kabayang keneh,ba'da subuh teh geus mimiti disaatan,kuluwung na dibuka,terus disaring ku ayakan,supaya laukna teumilu palid kasolokan.
Rada beurang saeutik,nu lalajo geus pinuh dina galengan empang,lalajo nu boga empang nyiukan lauk,kayaning lauk mujaer can aya baheulamah lauk nila,terus lauk Tamakang katut Lele,meni opyak katempona ngarumpul na sirib,gubay-geboy lauk emasna dipirig ku tabeuhan dulag,waraas,can manggih deui suasana model kitu.
Sanggeus dianggap laukna geus beunang kabeh,kakara nu lalajo teh aranclub ka empang,salatna-saalatna,aya nu mekel ayakan,kempis jana wadahnaaya oge nu tangan kosong,ngandelkeun kaparigelan leungeuna,dina nyapaan lauk,nini-nini,aki-aki,nonoman awewe jeung lalaki nepika budak leutik,rame sukan-sukan,eak-eakan dibalong,neangan lauk nu mebes kana leutak mun seug aya nu meunang,tuluy surak,bari silih baledog ku leutak,laukna biasana ditiir ku jampang.
Ari nini-nini mah,aranteng nyairan boncenang atawa impun ku ayakan,sawarehna ngumpulkeun tutut jeung remis atawa kijing,hehe...araneh nya ngupingna,budak ayeunamah boa apaleun boa moal,da can puguh aya kijing na ge ayeunamah,cai empangna ge biasana ge cemer ku caisabun ayeuna mah.
Lamun nu nyalair geus naraek,tah....ayeuna mah bagean tukang ngala belut nu ancrub,bari mangul pacul,ramona nyolokan liang disisi balong,sangges dianggap liang belut,kakara pacul maen,kecruk liang dipacul nepika belutna beunang,belut balong tea nya badang nya panjagkoneng umyang warnana.
Cag ah
Urang teundeun dihandeuleum sieum,urang tunda dihanjuang siang,pikeun sampeureun jaga.
Haturnuhun....!


Referensi:

  • Foto dokumen pribadi


Minggu, 17 September 2017

NGEUSI WAKTU NGANGGUR DILEMBUR



Asa hayang seuri sorangan,lamun kabayang lalampahan kuring mangsa keur leutik mun dibandingkeun jeung lalampahan barudak dizaman serba digital saperti kiwari.
Da puguh kuringmah hirup keur zaman tai kotok dilebuan ceunah,tong boroning boga tivi komo hape diimah teh,tivi ge salembur teh ngan aya hiji,jaba hideung jeung bodas alias hitam putih tivi na ge,mun lalajo diriung ku batur salembur,eta geura giliran reresepna,eh....dipindahkeun cenel na teh,ku nu gaduh,tibang humandeuar nu lalajo mah,da rumasa nebeng lalajo wungkul.
Tah,palebah waktu nganggur alias keur euweuh kagiatan babantu kakolot nu seru mah (dizaman harita),kuring sok ngeusi waktu nganggur ku sarupaning kagiatan jeung kaulinan lembur,omat tong nyengseureun nya,da jaman tai kotok dilebuan ieuh,kuring saparakanca teubisa maen hape,maen gem,maen internet jeung sajabana,da puguh....heuheuh,hape na ge teuboga gambar-gambarna acan,nya daripada ruang riung teupuguh,biasana kuring jeung balad-balad,sok ngeusi waktu nganggur dilembur ku hal-hal saperti dihandap ieu:

  1. Ngurek

  • Ngurek teh ngala belut make alat anu disebutna urek,anu dijieuna tina kenur anu dianyam,di salah sahiji tungtungna diasupkeun kana urek.Cara makena,kakait urek dikaitkeun kana eupan mangrupa bancet,sanggeus kitu tuluy neangan liang belutna,ngabring mapay-mapay galeng,sanggeus manggih tuluy eta urek nu geus dieupanan teh diasupkeun kana liang belut kucara digere,sanggeus nyanggut kakara ditarik,borojol atuh katempo belutna ngait dina urek,surak....pan anu geus hasil mah bari mapanas batur nu can bebenangan.
2.Kokodok

  • Ari kokodok mah beda jeung ngurek,kokodokmah nyaeta ngala lauk diwahangan ku leungeun teumake alat nanaon.Carana leungeu katuhu jeung kenca dianclubkeun kana cai wahangan,dipake ngarampaan sela-sela batu,najan teumake alat ge ari nu ahlimah,meus-meus giriwil deui-giriwil deui beubeunangan,aya lele,lauk emas,mujaer,sepat oge beunteur,aya keneh jaman haritamah beunteur,ayeunamh leungit da caina cemer ku cai sabun jigahna.
3.Nyair

  • Tah...nyairmah make alat anu disebut ayakan,biasana mapay-mapay solokan,ayakan dianclubkeun kana jero cai,tuluy diangkat,mun kabeneranmah sok aya nu kasair,mangrupa lauk beunteur,mujaer,ngan lolobana sok meunang lauk surawet atawa impun,lumyan surawet ge ari loba mah,busa dipais,dikurusuk dina lebu panas disaung sawah,make surawung jeung sajabana,pedo pisan atuh
    4.Ngasag

  • Mun ngasag biasana kakebon atawa kasawah,nyaeta neangan sesa-sesa panen hui boled,baheulamah pan,kebon atawa sawah teh sok diparelakan hui boled.
5.Nyirung

  • Nyirung ge teujauh beda jeung ngasag,bedana ari nyirungmah neangan sesa panen hui diswah atawa dikebon tapi hui na biasana sok geus katempo aya sirungan,nya disebut weh nyirung,amis.....hui na teh.
6.Ngobor

  • Ngobor teh neangan belut atawa manuk wanci peuting make alat nudisebut obor,tapi kadieunakeunmah obor teh geus diganti ku lamu patromak,anu maksud supaya leuwih caang.
7.Nguseup

  • Nguseup mah rarasaan teu aneh nya,najan jaman geus sarwa digital ge aya keneh,ngan kuringmah baheula paling banter ngusep disolokan,pan ayeuna bisa kabenungan atawa kalaut.
8.Marak

  • Marak teh ngabendung wahangan ku cara numpuk-numpuk batu tuluy diselipan jukut atawa dangdaunan sisi solokan supaya caina saat,mun geus saat biasana sok cing koleab pan lauk mah,tinggal ntairan atawa newakan wae ku leungeun,tuluy diasupkeun kana kempis.
9.Langlayangan

  • Langlayangan oge rarasaan teuaneh nya,da buktina loba pan nulanglayangan disawah,tibudak nepika kolot aya katempo.Ari keur zaman kuringmah lain langlayangan model kiwari nu meunang meulu tapi baheulamah,nyieun sorangan,carana tinggal neangan daun gadung nu geus kolot ditalian ku ramat cau,tuluy diapungkeun disawah.
10.Ngadu pangal

  • Ngadu pangal ge alhamdulilah aya keneh dilemurmah,bedana ngan saukur dina cara nyieuna,baheulamah nyieun sorangan ku tangkal jambu pan,talina make sarung nu geus teudipake tuluy dirara dina tuur,ari ayeuna mah pan pangal na tos dimodip ningan,rupa-rupa bentuk jeung warnana.
11.Ngadu Kaleci

  • Ieu ge sarua aya keneh,cara maena ge teujauh beda jeung baheula.
12.Bancakan

  • Tah...mun bancakan asa jarang katempo ayeunamah.Bancakan teh hiji kaulinan anu cara maena ngolompok,leuwih tisaurang sakelompokna,alatna nyaeta gunukan kenteng leutik nu ditumpuk jigah gugunungan,tuluy dijaga ku nu ucing,nu laina nyarumput,mun katempo nu jaga galideur,kakara kaluar bari nyepak kenteng tea,tuluy nyumput deui,watirmah mun nu jaga na kebluk,teubisa mangihan nu nyumput,sok nepi ka leweh pan.
13.Morog

  • Lamun morog mah nyaeta ngala manuk make alat nu disebut Porog nu dijieuna tina ramat cau nu danyam,tapi da lain morog manuk nu dilindingi,paling oge morog manuk piit.
Sumber Foto dari:

  • http://1.bp.blogspot.com
(Izin share foto ",berburu belutnya"