Kamis, 28 September 2017

NGABEDAHKEUN

Sampurasun
Pikeun urang lemburmah,kecap NGABEDAHKEUN teh jigahna teuasing deui,kitu ge ketang keur urang lembur bahula,da dilembur ge ayeunamah,jarang aya nu ngabedahkeun teh,malahanmah mun sakalieun nanya kabudak ayeuna,rungah ringeuh,teuapaleun.
Ngabedahkeun teh nyaeta ngaboborkeun cai balong,nepika tinggal saeutik,nu diharep,supaya laukna teuhese dialana.
Ngabedahkeun zaman baheula biasana identik jeung lebaran,pangpangna lebaran idhul fitri da ari lebaran Rayagungmah jarang dibedahkeun balong teh.
Poe ngabedahkeuna,biasana mun isukan lebaran,tah poe ayeuna ngabedahkeun teh,bareng jeung poe kuramas.
Kabayang keneh,ba'da subuh teh geus mimiti disaatan,kuluwung na dibuka,terus disaring ku ayakan,supaya laukna teumilu palid kasolokan.
Rada beurang saeutik,nu lalajo geus pinuh dina galengan empang,lalajo nu boga empang nyiukan lauk,kayaning lauk mujaer can aya baheulamah lauk nila,terus lauk Tamakang katut Lele,meni opyak katempona ngarumpul na sirib,gubay-geboy lauk emasna dipirig ku tabeuhan dulag,waraas,can manggih deui suasana model kitu.
Sanggeus dianggap laukna geus beunang kabeh,kakara nu lalajo teh aranclub ka empang,salatna-saalatna,aya nu mekel ayakan,kempis jana wadahnaaya oge nu tangan kosong,ngandelkeun kaparigelan leungeuna,dina nyapaan lauk,nini-nini,aki-aki,nonoman awewe jeung lalaki nepika budak leutik,rame sukan-sukan,eak-eakan dibalong,neangan lauk nu mebes kana leutak mun seug aya nu meunang,tuluy surak,bari silih baledog ku leutak,laukna biasana ditiir ku jampang.
Ari nini-nini mah,aranteng nyairan boncenang atawa impun ku ayakan,sawarehna ngumpulkeun tutut jeung remis atawa kijing,hehe...araneh nya ngupingna,budak ayeunamah boa apaleun boa moal,da can puguh aya kijing na ge ayeunamah,cai empangna ge biasana ge cemer ku caisabun ayeuna mah.
Lamun nu nyalair geus naraek,tah....ayeuna mah bagean tukang ngala belut nu ancrub,bari mangul pacul,ramona nyolokan liang disisi balong,sangges dianggap liang belut,kakara pacul maen,kecruk liang dipacul nepika belutna beunang,belut balong tea nya badang nya panjagkoneng umyang warnana.
Cag ah
Urang teundeun dihandeuleum sieum,urang tunda dihanjuang siang,pikeun sampeureun jaga.
Haturnuhun....!


Referensi:

  • Foto dokumen pribadi


Tidak ada komentar:

Posting Komentar